خطبة اولى الله اكبر9x DOWLOAD DI SINI الحمد لله الذى جعل يوم عيد الفطر رحمة ومغفرة للمؤمنين اشهد ان لااله الا الله رب العا لمين واشهد ان محمد عبده ورسوله وسيد المرسلين اللهم صل وسلم وسلم وبارك على سيدنا محمد خاتم النبيين و على اله واصحابه اجمعين اما بعد فيايها الحاضرون اتقو الله حق تقاته ولا تموتن الا وانتم مسلمون فقد قال الله تعالى فى القران الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفًا ۚ فِطْرَتَ اللَّهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا ۚ لَا تَبْدِيلَ لِخَلْقِ اللَّهِ ۚ ذَٰلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ وَلَٰكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُونَ [٣٠:٣٠] Saparantos ngaoskeun hamdalah, syahadat, sholawat sareng salam, simkuring selaku khotib, wasiyat kasadayana termasuk kadiri pribadi simkuring. Manga urang sami-sami ningkatkeun taqwa ka Allah SWT, taqwa anu sesuai sareng katangtosan syari’ah. Saur Ibnu Abas, aya 4 perkara anu kuurang peryogi ditanamkeun, kango ningkatkeun kataqwaan, nyaeta; 1. Syukur, jalmi ias k syukur maka hirupna bakal ma’mur 2. Iman, jalmi anu iman maka hirupna bakal aman 3. Do’a, jalmi anu rajin ngado’a maka ku Allah bakal ditebihkeun tina malapetaka sabab dirina caket kanu maha kawasa 4. Istigfar, jalmi ias k rajin istigfar maka bakal jadi manusa anu jembar • Syukur nyaeta; ngalarapkeun mangrupi-rupi kani’matan kanu sesuai sareng aturan Allah, sehingga hatena ngayaqinkeun bahwa ieu ni’mat nu geus dibikeun kana dirina semata-mata mutlak pamasihan ti Allah, lisana selalu baseh dikir ka Allah, ku ngucapkeun Al-hamdulillah, lampahna selalu ngalaksanakeun perkara anu diparentah ku Allah. • Iman nyaeta; dilakukeun ku dua aspek.1. Ku aspek bathin nyaeta (Tasdiqun bil-qolbi, ngabenerkeun ku hate kana kandungan syahadat) 2. Aspek dohir nyaeta (iqrorun billisan, ngaku dina lisana ngalangkungan kalimat syahadat ku cara diucapkeun, jeung A’malun bil-arkan, nyaeta ; anggahota badana ngalaksanaken naon rupa nuaya dina kandungan syahadat Do’a nyaeta; Tolabul-amri minal adna ilal-a’la, nyuhunkeun tisahanafen kasaluhureun, nyuhunkeuna makhluk ka sang kholiq kucara depe-depe, sopan santun, kana perkara anu di halalkeun ku Allah. Ieu ngado’a di parentah ku Allah, jeung ieu do’a sebagai sanjata ummat Islam, sareng Allah bendu ka ummat Islam anu tara ngado’a • Istigfar nyaeta; nyuhunkeun pangampura kaAllah tina mangrupi-rupi dosa nudilakukeun kudiri, sabab dosa nubakal moekan kana hate, ari hate eta wadahna iman,ari iman eta cahaya, lamun wadahna poek maka eta cahaya moal tiasa nyaangan kana anggahota badan.Seueur umat Islam anu ngaku iman tapi padamelan ma’siyat tetep dilakukeun,karana eta cahaya iman kahalangan ku popoek dosa, maka eta dosa kedah diberesihan ku istigfar/ku jalan tobat. Saur Ibnu Abas aya 3 perkara anu bakal ngahambat kana kataqwaan. 1. Takabbur 2. Padamelan dosa 3. Mumusuhan jeung papada muslim. Sakumaha kasauran Nabi;لايحل لمسلم ان يهجراخاه فوق ثلاث "Teu halal pikeun muslim ngajauhan dulurna anu muslim langkung ti tilu dinteun” Ngalangkungan ibadah saum nukuurang tos dilaksanakeun sareng diakhiri ku ‘Idul-fitri, ieu cukup sebagai pendidikan ti Allah pikeun ningkatkeun kualitas hirup, sehingga selalu mempertahankeun kafitrohan dirina sehingga kahontal anu disebatkeun “Minal-A’idin wal-faidin” SUPAYA KAHONTAL ‘AIDIN SARENG FAIZIN KUDU APAL SYARAT-SYARATNA Urang sering nguping bahkan kuurang sok dibaca dina saba’da leubaran teupung jeung babaturan, teupang jeng baraya jeung tatanga, sok maca do’a “من العاءدين والفاءزين” Padahal eta the do’a ti Nabi, anu lengkapna mah; “اللهم اجعلنا من العاءدين والفاءزين “Mugi Gusti ngajadikeun abdi sadayana tigolongan jalmi anu kembali deui kana kasucian sareng janten jalmi anu bagja”. Naha make kudu didu’akeun supaya balik deui kana kasucian? Sabab asalna manusa the suci, sakumaha pidawuh rosululloh SAW: “كل مولود يولد على الفطرة فابواه يهودانه اوينصرانه اويمجسانه “Sakur orok anu kakara lahir eta suci (nyaeta rohna) karana ketika lahir eta roh manusa teacan terkontaminasi ku pergaulan dunya, maka indung bapana anu ngayahudikeun, nunganasorokeun, jeung nu ngamajusikeun” Ari anu dimaksud kusuci teh nyaeta akur jeung katangtuan agama sakumaha anu di tafsirkeun ku Al-qur’an (QS.Arrum:30) فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفًا ۚ فِطْرَتَ اللَّهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا ۚ لَا تَبْدِيلَ لِخَلْقِ اللَّهِ ۚ ذَٰلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ وَلَٰكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُونَ [٣٠:٣٠] “Maka padepkeun wajah anjeun kana agama anu lurus kalayan fitrah Allah anu nyiptakeun manusia, nurutkeun eta fitrah, teaya perobahan kana fitrah Allah, nyaeta agama anu lurus, tapi kalolobaan manusa teu arapal” Maksud iyeu ayat, yen sakabeh manusa teh dilahirkeun kaalam dunja geus dipeulakan kaimanan jeung katauhidan dina dirina, Sakumaha iqrarna baheula dimaqom jami’(Tempat kumpul rohani memeh gubrag ka alam dunja), yen dirina sanggup nyekel agama Islam, agama anu dipikaridlo ku Allah, Tapi kesiapan pikeun ngalaksanakeun amanah nu pernah diiqrarkeun dialam arwah, ketika dialam dunya mah manausa kabagi dua kelompok. 1. Aya kelompok anu ngalaksanakeun kana janjina, sehingga hirup dialam dunjana ngajalankeun naon rupi nu diparentah ku Allah, sehingga jadi manusa anu nyamungkeun kana janjina. 2. Aya manusa anu jalir janji/ngalanggar kana janjina, sehingga hirup dialam dunyana teh teu ngajalankeun eta amanah anu pernah dijanjikeun ketika dialam arwah. Sehingga dina praktekna jeung dina kanyataana teu saeutik manusa anu menolak kana aturan Allah SWT, teu siap dirina diatur ku aturan Allah. Nu dilakukeun ku dirina hanya angkara murka. Kulantaran kitu dina mangsa lebaran, saba’da ngajalankeun shaum dina bulan ramadlon didu’akeun” “اللهم اجعلنا من العاءدين والفاءزين” Pedah Rosululloh SAW tos ngadawuh “من صام رمضان ايمانا واحتسابا غفر له ما تقدم من ذنبك” Saha jalma anu puasa dina bulan romadlon bari dibarengan ku kaimanan jeung kaikhlasan pasti bakal dihampura sadaya dosana anu pernah dilakukeun ku manehna’ Tapi heunteu sakabeh dosa dikifaratan ku puasa da aya dosa anu moal tiasa kakifaratan ku naon-naon kajaba kudu ku jalan taubath sehingga dihampura ku Alloh swt, supaya urang meunang A’idin kudu apal kana syaratna. Ari syarat A’idin, sangkan urang bersih tina dosa seperti orok anu kakara lahir, eta aya 4 syarat. Sakumaha dijelaskeun ku Allah SWT dina ayat saterasna. مُنِيبِينَ إِلَيْهِ وَاتَّقُوهُ وَأَقِيمُوا الصَّلَاةَ وَلَا تَكُونُوا مِنَ الْمُشْرِكِينَ [٣٠:٣١] “ Kalayan baralik deui ka Allah, jeung kudu taqwa aranjeun ka Allah, jeung kudu ngadegkeun Sholat, sarta ulah kabawa ku golongan jalma musrik’ (QS.Arrum:31) Ari syarat anu opat teh nyaeta; 1. Tobat, setiap manusa, rumasa atawa heunteu, dihaja atawa heunteu, pasti pernah migawe dosa/ma’siyyat ka Allah, boh kumigawe larangannana, atawa ningalkeun kawajibanana. Ari cara pikeun ngaleungitkeun dosa jeung ma’siyat eta ku jalan tobat. Ari tobat teh eta nyuhunkeun hampura ka Allah tina sadaya dosa, ngan moal tias tobat, lamun teu boga rumasa diri boga dosa, atuh samemeh tobat teh kudu mapay-mapay kasalahan awak sorangan, ngoreksi kasalahan diri, geus kapanggih kakara tobat ka Allah. 2. Taqwa, sakumaha pidawuh rosululloh, SAW; “ليس العيدلمن لبس الجديد ولكن العيد لمن طاعة الجديد” “Ari lebaran lain pikeun jalma anu alus pakeanana tapi lebaran mah pikeun jalma anu tambah-tambah to’atna”. Jadi ku urang tias kabaca, saha anu tambah to’at atawa heunteu, anu meunang idul-fitri teh? urang tias ngontrol diri sorangan, naha diri teh tambah-tambah to’at atawa heunteu ? Ari cirina jalma anu to’at nyaeta sok geutol ibadah, seperti ngalaksanakeun tahajjud, geutol maca Qur’an jeung ibadah anu sejena, naha eta ibadah anger sarta kabawa dina bulan syawal jeung bulan-bulan saba’dana, atawa heunteu ? Lamun angger jeung tiasa kabawa kana bulan –bulan saba’dana eta tina anu A’idin 3.Ngalaksanakeun Sholat, ari Sholat teh tiang Agama, sholat bisa jadi barometer kana kaimanan jeung kataqwaan manusa oge kungalaksanakeun sholat manusa bisa eureuntina ma’siyat, sakumaha pidawuh Allah SWT. (QS.Al-Ankabut:45) اتْلُ مَا أُوحِيَ إِلَيْكَ مِنَ الْكِتَابِ وَأَقِمِ الصَّلَاةَ ۖ إِنَّ الصَّلَاةَ تَنْهَىٰ عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ ۗ وَلَذِكْرُ اللَّهِ أَكْبَرُ ۗ وَاللَّهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُونَ [٢٩:٤٥] “Saenyana sholat tiasa nyeugah kagorengan jeung kamunkaran” Jadi jalma anu ngalaksanakeun sholat katingali bener-bener nyeukeul agamana, sabab sholat ngarupikeun cermin tina amal ibadah anu sejena, lamun jalma bener sholatna tangtu bakal bener sakabel amal ibadahna, tapi lamun sabalikna komo lamun sering kaliwat mah mana komo ibadah-ibadah anu sejena. 4.Ulah musrik ka Allah, boh musrik dina aqidah, seperti aya deui kapercayaan ka lianti Allah, boga teqad aya deui pangeran anu wajib disembah selain Allah, percaya yen batu ali aya mawatna jeung sajabana, atawa musrik khofi, nyeta ibadah lain karana Allah, seperti ibadah dibarengan ku riya, takabur jeung sajabana, atawa ku ibadahna ngudag tujuan kabudayaan. Syaratna faiziin ! Anu kadua dina lebaran nyaeta nyuhunkeun faizin, nyaeta jadi jalma anu bagja didunja jeung diakherat. Ari syaratna faizin nyaeta aya 3 sakumaha didawuhkeun ku Allah: (QS.Attaubat:20) الَّذِينَ آمَنُوا وَهَاجَرُوا وَجَاهَدُوا فِي سَبِيلِ اللَّهِ بِأَمْوَالِهِمْ وَأَنْفُسِهِمْ أَعْظَمُ دَرَجَةً عِنْدَ اللَّهِ ۚ وَأُولَٰئِكَ هُمُ الْفَائِزُونَ [٩:٢٠] “Ari jalma-jalma anu iman jeung hijrah sarta jihad dijalan Allah boh ku harta bendana jeung kudirina eta leuwih luhur darajatna mungguh Allah , jeung maranehna anu meunang kabagjaan” Tegesna; • Kudu ngabogaan kaimanan anu kuat, iman anu tembus kana rasa, rasa anu timbul tina jiwa, sehingga eta kaimanan tiasa ngabuahkeun kana ma’rifat. Ari cara nguatan kaimanan ku tilu jalan - Ku nambah ilmu, sabab moal bener iman lamun teu dibarengan ku ilmu. - Kudu migawe amal sholeh jeung ngajauhan ma’siyat. • - Ku mujalasatussolihin,nyaeta Masamoan jeung jalma-jalma anu sholeh, supaya diri kabawa jadi jalma anu sholeh. • Kudu hijrah, hijrah anu luas ma’nana terutama mujahadatunnafsi, • ngahijrahkeun diri tina ma’siyat kana to’at, jeung ngahijrahkeun diri kungajauhan larangan Allah • Jihad dijalan Allah, ari jihad the lain perang wae, tapi anu penting nanjerkeun syi’ar agama Islam sangkan agama Islam heunteu di hina batur jeung umat muslimin ias tengtrem jeung aman ngajalankeun agamana. Ari carana jihad kudua rupa; 1. Jihad ku harta, saperti ngabangun sarana agama jeung kapentinmgan muslimin, mengentaskan kemiskinan, ku jalan shodaqoh jeung ngabantu perekonomian ummat Islam anu lemah. 2. Jihad ku diri, seperti ngeurahkeun tanaga, pikiran bahkan nyawa pikeun ngabela agama islam pada ngajenan boh ku ummatna sorangan atawa ku deungeun – deungeun. Kesimpulan tina khutbah awal ! 1. Keudah nyeueurkeun ngadu’a ka Allah, urang sadaya supados kaleubeutkeu jalmi anu”A’id sareng fa’iz. 2. Syaratna ‘A’idin,nyaeta; 1. Tobat 2. Taqwa 3. Tegakeun Sholat 4. Teubihan padamelan musrik 3. Syaratna’Fa’izin,nyaeta; 1. Iman 2. Hijrah 3. Jihad. بارك الله لى ولكم بالقران العظيم ونفعني واياكم بما فيه من الايات والذكرالحكيم وتقبل مني ومنكم تلا وته انه هوالسميع العليم خطبة الثانى الله اكبر تجوه كالى الحمد لله واهب العاطية اشهد ان لااله الاالله وحده لاشريك له واشهد ان محمدا عبده ورسوله اللهم صل وسلم وبارك على خير البرية محمدابن عبد الله وعلى اله واصحابه دوى النفوس الزكية اما بعد فيايها الحاضرون اتقو الله حق تقاته ولا تموتن الا وانتم مسلمون فقد قال الله تعالى فى القران الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم اللهم صل على سيدنا وحببنا ومولنا محمد وسلم ورضي الله تبارك وتعلى عن كل صحابة رسول الله اجمعين امين يارب العالمين اللهم اغفر لنا ولوالدينا وللمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الاحياء منهم والاموات اللهم أعز الاسلام و المسلمين وأذل الشرك والمشركين ربنا أتنا فى الدنيا حسنة وفى الاخرة حسنة وقنا عذاب النار عباد الله أذكروا الله يذكركم واشكروه على نعمه يزدكم ولذكر الله اكبر و الله يعلم ماتصنعون
ARSIP KEGIATAN LKS JALADRI NUSANTARA
LKS JALADRI NUSANTARA
PONPES DARUL FALIHIN
SMA ISLAM TEJA BUANA
SANTUANAN YATIM DAN DUAFA
JALADRI NUSANTARA's Admin
We are.., This is a short description in the author block about the author. You edit it by entering text in the "Biographical Info" field in the user admin panel.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Popular Posts
-
Pembangunan Mesjid Darul Falihin Renovasi Masjid Darul Falihin Assalamu Alaikum WrWb. =================================== Kami ucapkan sal...
-
Asalamu Alaikum Wr. Wb Dalam rangka mengisi kegiatan di bulan suci ramadhan kami bermaksud akan menyelenggarakan rangkaian kegiatan Pes...
Tidak ada komentar: